Saturday, December 12, 2009

bingung di dunya

Ya Allah,,
Naha kudu Kamana atuh kuring teh ?
Hirup asa euweuh kabungah
Cicing sorangan teu pati geunah

Ya Allah,,
Naha kudu migawe naon kuring teh ?
Hirup di dunya teu puguh harepan
Luntang lantung euweuh pagawean

Ya Allah,,
Kudu kamana atuh kuring teh ?
kuring teu apal rek neang pangrojong
Asa teu boga jalan kanu dipikahoyong

Ya Allah,,
Naha dunya teh kieu,,?
Katingali nu seuri dimana-mana,,
Tapi nu ceurik leuwih loba,,
Katinggali aya nu suka,,
Tapi duka leuwih loba,

Naha kudu kamana kuring teh ?
Neang obat pikeun kabingungan.
Neang beja pikeun kabeneran.
Sangkan jauh tina bala anjeuna.

No comments:

Post a Comment